Kamis, 24 November 2011

Babakan Basa Sunda
Oleh : Achmad Hayat.

Dina tembang Sunda Cianjuran Laras Pelog aya guguritan anu unina sapertos anu di handap ieu :
        Pajajaran kari ngaran
        Pangrango geus narik kolot
        Mandalawangi ngaleungit
        Nya dayeuh ngajadi leuweung
        Nagara geus lawas pindah
        Saburakna Pajajaran
        Di gunung gumuruh suwung
        Geus tilem jeung nagarana.

Keur sim kuring mah guguritan ieu teh matak ngahudangkeun karisi jeung salempang hariwang boa-boa bakal kajadian da ciri-cirina geus aya. Geura bae wewengkon Tatar Sunda teh kiwari mah leuwih leutik henteu saukuran “West Java” atawa pamarentah anu aya di Bandung nyangking keneh kakawasan anu ngawengku wewengkon ti mimita Citanduy Beulah wetan nepi ka Selat Sunda palebah kulon jeung laut Jawa di kaler nepi ka laut Kidul.
Mimitina Pamarentah Pusat anu aya di Jakarta misahkeun Jakarta sarta wewengkonna leuwih lega tibatan dayeuhna. Sarta disebutna Daerah Khusus Ibukota (DKI) Jakarta. Malahan ka ayeunakeun mah ngaranna oge leuwih kakoncara ngaranna nyaeta Daerah Metropolitan sarta polisina oge disebut POLDA METRO JAYA. Heuleut sawatara waktu wewengkon anu pangkulonna anu jaman Walanda mah disebutna “Residentie van Banten”  misahkeun maneh ku sabab hayang jadi propinsi ngaranna “MEGAPOLITAN” anu erek ngawengku Tatar Bogor, Sukabumi, Cianjur, terus ngaler ka Purwakarta. Lamun bae ieu ngajadi meureun Jawa Barat teh ngan bakal ngawengku anu baheula mah ngaranna “de Residentie van Priangan.”  Sajabana Tatar Sunda beuki heureut ayeuna urang nyukcruk kajadian-kajadian anu ngaleungitkeun ngaran Sunda. Geura bae pulo-pulo anu galede anu katelah “groote Sunda eilanden” sarta pulo-pulo anu laleutik sarta ngawengku ti mimiti Pulo Bali ka wetankeun kaasup “kleine Sunda eilanden” ayeuna mah geus euweuh.
Ieu sakabeh anu dipedarkeun ku sim kuring maksudna lain erek “ngagugulung payung butut”, ngan kanyaah ka lembur sorangan anu dikekewek. Saur Pak Karli jenatna mah urang teh rek “dikerdilkeun.” 
Mung sakieu bae heula. Kapayun aya terasna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar